Kaca:Dewa Rutji.pdf/115

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
115

datangan sakadar djadi saksi, supaja kabeh jakin, jen ieu nu dina tjĕpuk, sidik tjai Pawitra, Bima nampana ti kami, djaba eta maneh teh mangka waspada.

Kami ka Bima ngidinan, ngagĕbug reudjeung ngagitik, njiksa ka djalma dursila, bongan maneh djail dĕngki, nadjan guru tur rĕsi, mun djahat misti dihukum.” Saparantos ngandika, Dewarutji ngilĕs deui, Bima rikat njandak tjĕpuk Tji~Pawitra.

Tĕras dileueut tjaina, raraosan asa salin, sapĕrtos radja pandita, anu baris pupus sutji, ku sampurnaning pati, mandjing ka sawarga agung, kotjapkeun deui Dorna, sangilĕsna Dĕwarutji, ladjĕng sudjud nawiskeun hormat ka Dewa.

Asmarandana

Barang Dorna tjĕngkat deui, Bima njaur ka pandita: „Paman pangapuntĕn bae, muga hĕnteu rĕngat manah, kula arek nanganan, rek ngahukum djalma hasud, djail ka tunggal manusa.”

Pandita reuwas ngadjĕrit, sasambat tulung~tulungan, ku Bima digusur bae, ditjandak ka