Kaca:Dewa Rutji.pdf/116

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
116

tĕmpat lĕga, barina ditjabokan, ditondjok bari ditumbuk. Dorna nĕpi ka lĕslĕsan.

Mun seug teu ninggang di rĕsi, nu pĕpĕk adjianana, kawasna moal teu maot, kotjap nu kĕmpĕl sadaja, pangpangna Aswatama, rabul ka Bima maruru, kĕrsana dek ngaraponan.

Saena bae djol sumping, Judistira ti Amarta, sinarĕng para saderek, Nakula tangginas rikat, mĕgatan Aswatama, duaan papukĕt gĕlut, tur sami-sami napsuna.

Drĕstadjumĕna papatih, amprok sarĕng Djajadrata, ari gok ari prung ragot, silih tondjok silih sepak, katjatur Dursasana, sarĕng Sadewa patĕpung, tur sanes pisan tandingna.

Dursasana ngalinggirik, djangkung ageung salirana, buringhas pasĕmon sewot, nanging ari Sadewa mah, djalantir salirana, mung tangginasna kalangkung, sing sarwa rikat lir kilat.

Lir gagak reudjeung srigunting, teu kalis ku eleh awak, srigunting njambĕr djeung matjok, gagak anu kawalahan, nja kitu Dursasana, sĕring ngudupung tisusut, bohak tuur bundas tarang.