Kaca:Dewa Rutji.pdf/117

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
117

Dipati Karna kawarti, patĕpang sarĕng Ardjuna, sasat „musuh ti bareto” [1], atuh teu pandjang patanja, sami mesat wangkingan, silih tĕwĕk silih suduk, sapantar manggih tandingna.

Sang Baladewa Narpati, teu ngiring mĕdal ka latar, malah mesĕm imut bae, nulak angkeng muntir rumbah, njaur ka Sujudana : „Tah kumaha ari kitu, saha nu kĕdah nanggĕlna.

Sanggĕm kakang oge geuning, kapĕngkĕr geus seseepan, wawadi hĕnteu diwaro, tah ajeuna kabuktian, djeung deui sanggĕm kakang, hĕnteu bade ngiring tjampur, kana hal ieu urusan.

Mangga beberes ku jaji, bongan nu kagungan pokal, nja ajeuna mangsabodo, ulah ngababantun kakang, kakang mah hĕnteu kirang, ngawawadian kapungkur, asana kirang kumaha.

Jaji teh djĕnĕng Narpati, agung teu aja kakirang, nanging manah jaji serong, nja ajeuna kenging wirang, pĕrbawa gawe tjurang, bongan manah lir kasarung, sirik ka djalma saurang.

Naon dosa Djudipati, ku jaji diarah njawa, dumeh eta keur bareto, jaji kawon silih gada.

{{loop<-- -->| 6<-- -->| — <-- -->}}

  1. Aos „Pandawa Djajaka” (Mahabarata).