Kaca:Dewa Rutji.pdf/118

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
118

neuteuli ka ajeuna, dulur misan bĕt disatru, jaji teh teu kira-kira.

Lain disambat diasih, supaja bageur ka urang, dilajeutan dipihade, diarah repeh-rapihna, dipalar bumelana, hade goreng ge djeung dulur, ulah tega ka baraja.

Kakang teu ngarti ku jaji, saumur teh ngan prasangka, ka batur sok njangka goreng, sapandjangna ngan tjuriga, timburu djeun rarempan, batur teu kieu teu kitu, ditĕrka arek ngarinah.

Prasangka kitu teh jaji, bibitna panjerewedan, nu hade ge djadi goreng, nu rek njaah djadi ngewa, rek bela djadi nukang, tungtungna ngagajuh musuh, tjing lĕbah mana ngeunahna?”

Sujudana tungkul isin, teu iasa sasauran, ajeuna sidik karaos, jen sakur panggawe ala, tara aja nu lana, awal ahir sok kabitur, isuk pageto katohjan.

Sabot kitu djol nu sumping, Krĕsna sarĕng Judistira, atuh wuwuh lingsĕm bae, komo ngadangu, Sri Krĕsna, seueur seueur saurna, jaktos ge leuleuj tur lĕmu, nanging njĕri ka raosna.