Kaca:Dewa Rutji.pdf/119

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
119

„Jaji Prabu Kurupati, kakang tĕbih~tĕbih dongkap, sapĕrkawis bangĕt sono, wireh geus lami teu tĕpang, dupi kaping kalihna, sarehing ngaraos paur, hariwang ku polah Bima.

Inggis bilih nguwak-ngawik, ngamuk di nagri Astina, mulangkeun kanjĕri hate, ku jaji oge kamanah, Bima teh moal sĕnang, wantu sina puput umur, dipĕrdaja sina tiwas.

Ajeuna tuh itu bukti, djadi ibur huru~hara, dupi nu djadi margi teh, salira djĕngraji pisan, margi manah sarakah, djadi ratu ngumbar napsu, djadi radja purah tjidra.

Narpati leungit pangadji, radja ilang komarana, upami manahna bengkok, parentahna hamo teurak, timbalan teu dajaan, pangagung surud pangaruh, upami ngarah~ngarinah.

Mun pangasuh nagri rudjit, nagara ge tangtu sangar, rajat retjok hamo repeh, silih arah djeung baturna, silih rĕbut pakaja, gudjrud di dieu di ditu, taja kakĕrtaanana.

Teu tjara apik nu ngaping, toweksa nu ngamongmongna, bĕrsih ati saleh hate, bebas tina