Kaca:Dewa Rutji.pdf/120

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
120

pangarahan, wungkul trěsna ka somah, nagara geus tangtu nandjung, aman kěrta tur rahardja.

Ninggang di salira jaji, djadi radja mung ngaranna, ka rajat mah masabodo, mung ngurus sěnang salira, hawěk ku kamuljaan, si Lěmbut hěnteu diurus, teu didjaga kasusahna.

Padahal jaji diaping, ku pangagung pirang~pirang, nanging lěpat milihna teh, ka nu maparin timbangan, ngagugu ka nu sasar, nu njěmukeun rěmpag rudjuk, padahal mah „kumawula”.

Wungkul mihapekeun peudjit, djeung nitipkeun kalungguhan, pikir budina mah kosong, nanging ka nu sahinasana, waleh nawiskeun njaah, jaji teh kalah sok běndu, ngaraos dihalang~halang.”

Saur rintih matak peurih, kětjap adab matak ngěntab, bangět isinna Sang Katong, raraj munggah sisiakan, ngutjur tjikaringětan, tumungkul dugi ka ngěluk, geus teu tjěngkat-tjěngkat atjan.

Mung Sang Prabu Sěmiadji, anu hěnteu sasauran, manahna bangdět hawatos, ka