Kaca:Dewa Rutji.pdf/121

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
121

kangraka Sujudana, diseuseul ku Sri Krěsna, sarěng ku Mandura Prabu, sanadjan jaktos lěpatna.

Dasar Prabu Sěmiadji, radja lautan hampura, komo ngemutkeun saderek, emutanana geus tjěkap, sěmět kawiwirangan, teu kědah ladjeng dihukum, hapuntěn bae dosana.

Judistira pok ngalahir: „Kakang Prabu Sujudana, bubuhan urang saderek, sanadjan mung ukur misan, nanging ari kuring mah, nganggap teh saderek estu, hěnteu mangmang hěnteu malang.

Kalěpatan raka Adji, agěng hěnteu kira-kira, margi ngahutangkeun maot, numutkeun hukum adil mah, sanadjan kakang radja, teu kenging hěnteu dihukum, samistina djalma djahat.

Margi kakang ngarah pati, Bima anu tanpa dosa, tur masih pěrnah saderek, kadjurung ku tekad djahat, turta děmit djalanna ditipu ku djalan lembut, sakongkol djeung paman Dorna.

Nanging sanadjan geus sidik, jen kakang tetela lěpat, kuring ngahampura bae, dumeh Bima ge waluja, didjaring ku Pangeran, hěnteu tulus puput umur, pěrbawa bersih hatena.