Kaca:Dewa Rutji.pdf/122

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
122

Kakang mangga bae mulih, di dieu ge ngadon wirang, mung samemeh djung mulih teh, anu tarung sapih heula, babakuna Ardjuna, sarěng Karna silih suduk, bilih aja anu tiwas."

Enggalna anu digurit, Krěsna miwah Baladewa, sarěng nilar Maha Katong, ngabudjeng Ardjuna Karna, Baladewa měgatan, ka Karna nu nudju napsu, bari ngarěbut wangkingan.

Lahir Baladewa adji: „Ulah waka luluasan, jaji ngabelaan naon, ulah mangmeunangkeun Dorna, pandita bělang bajah, wiku ge ratuning hasud, piraku rek dibelaan."

Krěsna mah měgatan raji, newak wangkingan Ardjuna, atuh kanděg nu tarung teh, duanana geus dipisah, pada měpěr napsuna, henteu laladjengan běndu, rapih deui sabiasa.

Dasar santa sadu budi, teuteureuh těrah kusumah, tanda jen prawira tulen, teu aja tapak-tapakna, jen tadi silih arah, ieu mesěm itu imut, gumudjeng patema tangan.

Dupi nu sanesna deui, teu kědah kantos di-pisah, margina liren ku maneh, Dursasana rikat ngědjat, teu kiat ku Sadewa, Djajadrata oge mabur, mung sanes dumeh teu kiat.