Kaca:Dewa Rutji.pdf/13

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
13

Kamashur ratu linuhung, pinandita sadu budi, sabar adil palamarta, tara tjidra tara děngki, tara djail kaniaja, bohong běndu ge dipahing.

Lungguh timpuh alon ampuh, titih rintih jatna lirih, tara gětapan rendjagan, harita Prabu Darmadji, eukeur nudju ririungan, di paměngkang sami linggih.

Sarěng saderek ngariung, anu di gedengeun tjalik, ingkang raji nami Bima, satria gagah barani, djangkung agěng salirana, bědasna kaliwat saking.

Pantěs keur pamanggul pupuh, pasemon djiga nu běngis, aja rindat barangasan, padahal manahna běrsih, tara serong djeung karinah, tuhu djudjur běněr adil.

Tjadu ekol djeung salingkuh, estu bruk-brak teu aringgis, saniskara sahinasna, tara dipandang-dipinding, mun aja kaluluputan, wani ngaku tara mungkir.

Moal ěmbung nandang hukum, upama salahna sidik, sabalikna ka nu lian, ngahukum teu inggis-inggis, upama njata salahna, sanadjan anak pribadi.