Kaca:Dewa Rutji.pdf/12

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
12

diturut sahinasna. hamo dipungpang ditampik, teu ngemutkeun kana lěrěs djeung lěpatna.

Eta mah kuma pun paman, ngalědjokeunana gampil, bade disina neangan, naon bae nu teu bukti, anu di kolong langit, taja djirimna ngawudjud, geus tangtos pisan Bima, moal mulang mun tjan manggih, wantu Bima sagala sok satuhuna."

Sujudana bingah manah, ngadangu piundjuk rěsi, kitu deui nu sanesna, mudji jen Dorna binangkit, pandita lēpus watjis, putus sakur pangawěruh, tara seepeun akal, těrbuka nu muskil-muskil, teu pěrtjumah dipisepuh ku sadaja.

Kinanti

Urang gěntos nu ditjatur, kotjapkeun sahidji nagri, katělah nagri Amarta, ratuna Sang Sěmiadji, atanapi Judistira, sarěng sok nělah Darmadji.

Sareng sok sěring disěbut, Darmaputra ratu adil, djeung nělah Darmakusumah, sarěng Kontea panglandi, Pandusunu Panduputra, kitu djěněngan Sang Adji.