Kaca:Dewa Rutji.pdf/11

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
11

sanagri, bangèt wirang djeung isin, ku nu mojokan ngaguruh, ngahampas djeung mapanas, ana malěs teh sakali, heug ditakis mani ngambul gada kula.

Nu njurakan beuki rosa, ngagěro patariktarik, lir lain ka putra radja, estuning liwat timisti, kaula bati sědih asana saumur hirup, moal aja pohona, panas peurih moal leungit, lamun ingět hate bangět garetekna.

Arek idjen teu untupan, rek djail inggis katjiri, goreng těměn harkat radja, upama katotol děngki, tjing tjo bi paman rěsi, kumaha akalna atuh, hajang njirnakeun Bima, ku djalan nu rikip děmit, sina maot ambeh gěah pikir kula."

Njeuleukeuteuk Kombajana, njaurna takabur djeung dir, malar bingahna Sang Radja, saurna: „Lah Gusti gampil ulah dianggo runtik, ukur pěrkawis sakitu, dupi pangintěn paman, aja anu langkung „rumpil", boro ewěd sieun paman kapetolan.

Sadaja sami uninga, teu aja nu samar deui, jen Bima murid pun paman, anu ngesto tur gumati, ka guru tuhu taklid, sugri kasauran guru,