Kaca:Dewa Rutji.pdf/10

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
10

kirang pěrlu, kotjap nu magělaran, Sang Sujudana Narpati, lami pisan minděl bae teu ngandika.

Katawis nandang sungkawa, ewěd sugri nu lalinggih, kěsěl ngantosan dawuhan, lami-lami Maha Rěsi, njaur kalajan aris: „Nun Gusti agung běběndu, sěmbah laksa duduka, mugi hěnteu rěngat galih, reh pun paman tjumonggah wantun undjukan.

Wireh bentěn ti biasa, nu ngadeuheusan geus lami, ku Gusti teu dipariksa, lir nudju prihatos galih, dupi sadaja abdi, purwa di dieu ngariung, sědja ngěmban timbalan, samukawis dawuh Gusti, moal aja anu baris wantun mungpang."

Sang Radja alon ngandika: „Lěrěs pisan Paman Rěsi, kaula keur sědih pisan, bari seuseuitan ati, ari ras ka bihari, ingět ka djaman kapungkur, djaman pada djadjaka, kaula harita geuning, ngadu rosa silih gada reudjeung Bima.[1]

Kula harita teu tahan, ku Bima digěbug tarik, ngadjengdjehe rek tidjěngkang, disurakan ku

  1. Aos „Mahabarata", lebah „Pandawa Djadjaka", wëdalan Balai Pustaka.