Kaca:Dewa Rutji.pdf/9

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
9

Kadjabi ti Baladewa, aja mitra dalit Gusti, diangkěn saderek inja, malah diangkat bupati, gělaran Adipati, dileler nagara mahmur, kongas nagri Awangga, djěněngan eta bupati, geus kontjara mashur Adipati Karna.

Sapěrtos djeung Baladewa, tunggal měrtua djeung Gusti, djalaran geureuha Karna, raji těgěs prameswari, kotjap deui nu tjalik, gedengeun Karna beh pungkur, raji-lambut Sang Radja, parantos dileler nagri, sck katělah Tuměnggung Sindukalangan.

Djeung osok oge katělah, nja Aria Banakěling, djeung Kalana Djajadrata, gedengeun ieu nu tjalik, nja eta raji Gusti, Dursasana nu kamashur, gělarna teh Aria, di Tjindepura nagari, Bandjardjumut wasta dajeuh nagarana.

Nu tjalik pajuneun radja, Aria Patih Sakuni, pěrnah paman ti ibuna, pěngkěreun jeu nu tjalik, putra Sang Maha Rěsi, nami Aswatama mashur, ngarendeng tur satata, djeung raji parameswari, kakasihna Sang Pangeran Burisrawa.

Pěngkěreun anu tiluan, Kurawa saderek Gusti, salapan puluh salapan, namina hamo diwintjik, djalaran seueur teuing, djeung karaos