Kaca:Dewa Rutji.pdf/8

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
8

atra sidik, unggal kětjap gampil dihartoskeunana.

Katjarita hidji mangsa, Sri Nalendra Kurupati, magělaran di paseban, diparěk para bupati, sarěng ponggawa mantri, kěrsana bade barěmpug, djalaran Sang Srinata, lěbět kana sindir Kawi, kadya tjandra kalingan badjra irawan.

Tjandra teh těgěsna bulan, badjra irawan kawarti, hasrtosna pěpědut mega, djadi těgěsna Sang Adji, tjara bulan di langit, kepindingan ku pěpědut, hěnteu tembong sinarna, sasmita sungkawa galih, pětěng kalbu samagaha manahan.

Linggih di malige rětna, dideuheusan ku sang jogi, nja eta hidji pandita, dipisěpuh ku sanagri, panarosan Sang Adji, dipundjung diugungugung, Bagawan Kombajana, atawa Dorna maharsi, djeung sok nělah Sang Pandita Sokalima.

Di sakiwaeun pandita, rada beh pungkur saeutik, Sang Pěrěbu Baladewa, Ratu di Mandura nagri, laer-laer ge wargi, turug-turug sarěng Ratu, tunggal sami měrtua, sarehinq parameswari, raji těgěs geureuha Sang Baladewa.