Kaca:Dewa Rutji.pdf/7

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
7

Sinom

Sinom pamuka tjarita, katjaturkeun hidji nagri, gěmah ripah djěmbar hardja, pasir-wukir loh-djinawi, sugih wibawa mukti, mahmur subur pandjang-pundjung, murah sandang djeung pangan, senang pikir abdi leutik, geus kontjara mashur nagara Astina.

Sok katělah Gadjahwaja, těgěsna teh „dajeuh Asti", ngalap djěněngan Sang Radja, anu ngababakan nagri, djěněngan Prabu Asti, rundajan Sang Prabu Kuru, tědak Prabu Barata, nu mashur sakolong langit, turun-turun ka Sri Nata nu kontjara.

Djěněngan Sang Durjudana, sok katělah Kurupati, atanapi Sujudana, djeung osok katělah deui, Sang Kurunata adji, djeung Djakapitana mashur, salira Kangdjeng Radja, surup děděgan narpati, djangkung ageung sambada ngandung komara.

Matak adjrih pěrbawana, titisan andana warih, gěntrana agěm geueuman, nanging panganggona rintih, djatnika ajěm tartib, hěnteu garadag-gurudug, alon ana ngandika, kasauran