Kaca:Dewa Rutji.pdf/15

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
15

Djeung ku kersaning Jang Agung, Bima dipaparin leuwih, ti djalma anu biasa, ngagaduhan kuku matih, disebutna pantjanaka, lantjip batan tjongo kĕris.

Ngěluk tjara kuku maung, matih leuwih ti wěrědjit, teuas batan tjula badak, beureum lir wuwungan gětih, musuh nu wani ngajonan, didjotos mo měnjat deui.

Rangkepan wasta katjatur, Bratasena nu kahidji, radjeun disinggětkeun Sena, Bajuatmadja panglandi, Marutsuta Bajuninda, djeung Panduatmadja deui.

Djeung radjeun oge disěbut, Raden Arja Djudipati, sareng Ganda-Wastratmadja, Sumadilaga panglandi, sarta Kusumadilaga, sarěng aja hidji deui.

Pawanasuta kamashur, djeung Werkudara wawangi, Satria Munggul-Pawěnang, djabi eta seueur deui, mun disěbut sadajana, bisi matak pandjang teuing.

Aja deui nu katjatur, raji Bima nu sajakti, djěněnganana Ardjuna, satria lěnggik djalantir,