Kaca:Dewa Rutji.pdf/16

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
16

lutju lěndjang ngalangkojang, kasepna kawanti-wanti.

Hese njiar pantar kitu, pamudjian djalér-istri, sěsah njarioskeunana, nu kasep kaliwat saking, sugri istri anu ningal, samar kiat nandang brangti.

Nanging nadjan kasep pundjul, teu kumaki ieu aing, pengkuh mageuhan susila [1], teu sagawajah ka istri, komo dugi ka rutjah mah, pohara pisan dipahing.

Isin ku nu Maha Agung, sawangsulna mungguh istri, anu ningali Ardjuna, rea nu ngadjoli majit, panasaran mun „teu beunang", sieun paeh djadi siit.

Masrahkeun badan sakudjur, raga sinarěngan pati, mung nu kasep teu kerěman, hěntěu dapon bae istri, lamun sanes putra radja, atanapi putra rěsi.

Tur lagas taja nu gaduh, boh tunangan boh salaki, djeung sapuk ibu ramana, němbe kěrěsaeun ngawin, djadi sanes djalan rutjah, ieu mah sah tur běrěsih.

  1. Kapěagkuhan Ardjuna, 205ě „Mintaraga", wědalan B. P.