Kaca:Dewa Rutji.pdf/17

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
18

Duaan mung misah ibu, putra Pandu nu ti Madrim, duanana kěmbar masang, namina teh raka-raji, Nakula sarěng Sadewa, djeung Pinten Tangsen panglandi.

Dewi Kunti oge kumpul, biasa tjara sasarı, katjarios Wěrkudara, undjukan ka ibu Kunti, jen palaj něpangan Dorna, sarehing parantos lami.

Teu bakti-bakti ka guru, bok bilih djadi pamali, ku ibuna kawidian, nja kitu ku Sěmiadji, geus pamit Bima djung angkat, něpangan Sang Dorna Rěsi.

Dangdanggula

Bingah manah bangět raos galih, kawidian ku ibu ku raka, Bima teh harita keneh, ka luar ti kadatun, ladjěng teras angkat ngagidig, ngabudjěng Sokalima, padepokan wiku, katjatur bae dongkapna, nu kasondong mung wungkul bibi Kěrpini, garwa pandita Dorna.

Ti Kěrpini Bima kenging warti, jen Bagawan aja di Astina, prajogi dibudjěng bae, Bima ge ladjěng tuluj, ka Astina ngabudjěng gasik, kěbat