Kaca:Dewa Rutji.pdf/18

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
17

Djadi mun aja nu njěbut, magar Ardjuna tjilimit, rajungan djeung ,,kabitaan", tetela nu ngomong tadi, teu těrang nu saběněrna, kana lalakon sadjati.

Djabi ti kasepna pundjul, mandraguna pilih tanding, kongas santika digdjaja, leber wawanen tur sakti, pinundjul ing danalaga, mun tandang arang nu mahi.

Lungguh lutju ampuh timpuh, sarwa rintih tur nastiti, ajěm rineh teu rendjagan, pěrwatěk nu „hade eusi", luhur elmu djěmbar luang, kakasih Nu Maha Asih.

Djěněnganana katjatur, Ardjuna anu kahidji, djeung seueur rangkepanana ¹), di dieu hamo digurit, tingali bae di handap, ditataan hidji-hidji.

Eta narpatmadja tilu, těgěs saderek pituin, margi saibu-sarama, rama Pandu ibu Kunti, djabi eta nu tiluan, saderekna aja deui.


1) Ardjuna = Djanaka, Danandjaja, Pamadi, Palguna, Parta, Margana, Mintaraga, Kiriti, Kumbalwali, Tjiptaning, Indratanaja, Kuntisuta, Pandusuta, Djanawi, Kuntadi, Surjalaga, Satria Madukara, pangkatna: Pangeran Dipati.

Dewarutji
2