Kaca:Dewa Rutji.pdf/19

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
19

nu ditjarita, ka karaton tjunduk, sarta kaběněran pisan. Kangdjěng Radja nudju magělaran linggih, karěmpěl sadajana.

Wantu Bima kaetang maranti, larbus lěbět teu nganggo ngiběran, dumeh sasatna saderek, pěrnah misan ti Pandu [1], harita ge luměbět mandjing, bingah sugri nu ningal, Sujudana njaur: ,,Leuh haturan jaji Bima, kalěrěsan jaji teh ajeuna sumping, puguh nudju diupat.

Pandjangna mah ěngke paman Rěsi, nu ka jaji geus tangtos popojan, ari kakang mah ku sono, kumaha dupi ibu, naha damang djeung para wargi, henteu aja kakirang?" Bima pok ngawangsul: ,,Aja hibar djiad kakang, sabalikna kakang reudjeung para wargi, tjalageur sarerea?"

Sang Sri Nata Prabu Kurupati, di luar mah puguh teu katara, jen ka Bima neundeun hate, njaurna leuleuj lěmu, padahal mah lěběting galih, hěnteu kintěn tjuana, tjinděkna mah palsu, henteu pandjang ditjarita, anu silih bageakeun teu digurit, kotjap Pandita Dorna.

  1. Pandjangna djudjutan. Bos Luluhur Pandawa" sareng ,,Pandawa Djadjaka“ dina „Mahabarata".