Kaca:Dewa Rutji.pdf/20

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
20

Ka tatamu alon njaur rintih: „Paman sukur katjida bungahna, ajeuna dipareng djongok, sababna mah nu estu, sakumaha lahiran Gusti, eukeur nudju diupat, ajeuna bět djěbul, ari hal ngupat tea mah, sanes mojok ngomongkeun nu lain-lain, tapi nu saěnjana.

Tjek paman teh ku hajang papanggih, djeung nu gagah Arja Bratasena, ari margina sajaktos, nudju aja kabutuh, paman těrang kalajan sidik, sanes bedja tjarita, jen di hidji gunung, nu nělah gunung Dorangga, aja tjai anu aneh liwat saking, ngaran tjai Pawitra.

Tjek itungan paman nu sajakti, anu baris pimanggiheunana, moal aja djalma sedjen, djaba ti putra Pandu, nami Bima nu gagah sakti, geus kěrsa Nu Kawasa, anu baris nimu, lantaran memang adjangna, geus dipasti Bima nu baris ngamilik, nginum tjai Pawitra.

Watěk tjai sampurnaning pati, mawat sutji ngalubarkeun dosa, djadi kakasih Jang Manon, djaja saumur hirup, anggang susah těbih balai, djadi kumargi eta, paman teh nunuhun, tjai tea mugi tjandak, ti Dorangga sarta dileueut sakali, dipambrih pěrbawana."