Kaca:Dewa Rutji.pdf/21

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
21

Bima njaur ka Sang Maha Rěsi: ,,Omong paman kula ngarti pisan, hate kula bangět atoh, aja pituduh guru, ajeuna ge kula rek indit, něda pangdjiad paman, djeung kabeh nu kumpul, hajang salamět di djalan, sarta tjai muga-muga sing kapanggih, rek diinum ku kula."

Wěrkudara nu běrěsih galih, estu taklid nganděl ka guruna, teu ngintěn jen dibobodo, dilědjokeun ditipu, rikip děmit diarah pati, margi mungguhing Bima, kana laku kitu, bangsa bohong palatjidra, dibaidkeun ngimpi ge diangir mandi, tjek wiwilanganana.

Pangintěnna batur ge geus pasti, běrsih manah sapěrtos andjeunna, harkat pandita mah komo, djadi ku margi kitu, taja geusan tjangtjaja pikir, malah bingah nu aja, ku pituduh guru, angkatna ge rurusuhan, dumeh palaj enggal ka Dorangga dugi, kenging tjai Pawitra.

Geus ka luar ti watěs nagari, mandjing alas Bima leuleuweungan, lampahna kadalon-dalon, lir sanes putra ratu, mipir lamping malipir gawir. mapaj bubulak lěga, turun unggah gunung, kahudjanan kapanasan, tuang leueut naon bae nu kapanggih, buah djeung buron alas.