Kaca:Dewa Rutji.pdf/22

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
22

Kasangsara teu pisan digalih, panggalihna etang~etang tapa, wajahna nadjan repot ge, dumeh tuhu ka guru, guru tea siněmbah wadjib, anu kědah dihormat, digugu ditiru, kitu ge nu saěnjana, lain guru nu dapon ngatik ngawirid, lain ngan purah ngadjar.

Kudu guru nu sipatna rěsi, pinandita ngageungkeun kamuljan, hade di luar di djěro, těgěsna sipat luhur, ka murid teh teu nganggap murid, tapi tjara ka anak, djeung dina ngawuruk, kudu dibarengan darma, boga rasa kadjurung ku gawe wadjib, ngeunteupkeun kapintěran.

Hate murid dipělakan binih, binih mulja djalaning utama, supaja murid teh mangke, ulah djadi teu puguh, djadi 'djalma nu tanpa hasil, kudu djadi gunawan, dina hirup kumbuh, mangpaat ka pada djalma, ngamadjukeun hardjaning bangsa djeung nagri, hěntěu djadi mamala.

Tjara eta Arja Djudipati, djadi djalma satria utama, ka guru panteg nja ngesto, tina bangět sumudjud, hěnteu nolih geus angkat těbih, ngabudjěng ka Dorangga, mung awahing rusuh, lali teu dipapaj heula, disidikkeun ka Dorna ěnggonna tjai, aja di lěbah mana.