Kaca:Dewa Rutji.pdf/23

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
23

Kantun ewěd salěběting galih, djeung teu těrang kumaha rupana, eta tjai Pawitra teh, naha bangsa tjinjusu, ngaburial ti taneuh bidjil, atawa tjikaratjak, sěla-sěla batu, nu majěng njaktjakkan tea, naha tjai njangkrung dina lěgok leutik, naha tjai talaga.

Ku handjakal tadi rusuh teuing, teu tataros sing atra tetela, ajeuna anu karaos, kantun ewěd tur bingung, ari mulih teu wěrat isin, disěbat humajua, nu ngupat geus tangtu, para Kurawa sadaja, tingkutjiwěs tingtaroel tingdjarěbi, njeungseurikeun di tukang.

Bratasena těngah leuweung rumpil, hěnteu těras kěbat lumampahna, sapěrkawis dumeh kagok, ku areuj reudjeung tjutjuk, kitu deui kakajon tjanir, anu měgatan djalan, rěmbět hese madju, padjeudjeut něpi ka nganjam, heug taneuhna bareueus tjalombrek tiis, djeung akar ngahalangan.

Tambah~tambah estu matak miris, ari aja sora sato galak, gadjahna pating darěngek, maung pating galaur, sarta bagong pating garuik, malah sok raradjeunan, aja meong tutul, ngagorobas