Kaca:Dewa Rutji.pdf/24

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
24

di nu bala, ngagěrěman matak kokoplokan birit, asa gabrug ti tukang.

Lamun lain Arja Djudipati, tangtu pugag moal těrus lunta, boa kalěngěr ngagoler, di leuweung luwang~liwung, taya batur estu nunggělis, hadena ninggang Bima, anu tjadu mundur, těras bae saba alas, lila-lila Bima teh teu burung něpi, ka těgal Andadawa.

Magatru

Sigěg Bima urang malikan kapungkur, Sang Sujudana Narpati, saparantos Bima kondur, pok ngadawuh ka Sang Rĕsi, gěntrana leuleuj tur alon:

„Paman Dorna tah ajeuna mah geus puguh, Bima teh daekeun indit, neangan tjai ka gunung, kumaha lamun seug manggih, tjai Pawitra nu sohor.

Atuh urang meureun katurug katutuh, djaba Bima balik deui, balikna teh djadi wěduk, mun ngamuk ngaburak~barik, meureun urang kabeh repot.”