Kaca:Dewa Rutji.pdf/25

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
25


Dorna njaur gumudjěng suka kalangkung : „Gusti ulah sěmang galih, ngamanahan pasal kitu, hěnteu kědah hamham deui, paman moal ngabobodo.

Ieu paman aki~aki dawuk~rawun, sageuj ngabohong ka Gusti, njidra ka nu djadi ratu, teu kědah tjangtjaja deui, Bima teh geus tangtos maot.

Sarta tjai Pawitra hamo katimu, margi bangsa nu teu bukti, aja ngaran tambuh wudjud, nguběk dunja moal manggih, sanadjan dugi ka maot.

Dupi Bima milarina teh geus tangtu, moal liren mun tjan manggih, pěrbawa watěkna tukuh, malah moal kěrsa mulih, tinangtos kadalon-dalon.

Bakat Bima ngestu kana saur guru, djeung tangtos ngaraos isin, saupami lengoh wangsul, ti batan mulang mubadir, tangtos anggur suka maot.

Sarta djabi ti eta bade miundjuk, Bima teh anu sajakti, sasatna narohkeun umur, margi di Dorangga-giri, tjarek saungěling wartos.