Kaca:Dewa Rutji.pdf/26

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
26

Aja dua bura aragěng kalangkung, tingdjungkiring tanding pasir, galakna langkung ti maung, bedasna kawanti~wanti, nadjan gunung ge digotong.

Lamun aja djalma ngulamprěng ka ditu, heug ku buta teh kapanggih, ulah rek ngaharěp hirup, geus pasti ngadjadi majit, sirahna tangtos dikokos.

Bima oge geus tangtos moal teu kitu, ka buta teh moal mahi, komo ieu mah dihurup, tangtos adjur busak~basik, dirěweg ku buta rěwog.”

Sujudana ngadangu pihatur wiku, bingahna kawanti-wanti, mesěm ngagělěnju imut, asa taja geusan miris, manahna teh bangět longsong.

Katjarios Sang Baladewa Pěrěbu, dina salěběting galih, ka Sang Radja hěnteu sapuk, mětakeun djail doroi, manahna sieun kaběndon.

Margi sasat ngiring kana laku palsu, djabi ti kitu teh deui, numutkeun kěrětěg kalbu, buruk~buruk papan djati, ka Bima bangět hawatos.

Dumeh wargi landěs tunggal sakaruhun, němbe misan tatjan těbih, putu Kuntibodja Prabu, upami didjudjut sidik, kieu djudjutan tjarios: