Kaca:Dewa Rutji.pdf/27

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
27

Kuntibodja putraan pamĕgĕt tilu, sarĕng hidji deui istri, Basudewa anu sĕpuh, ka Arjaprabu nja ngadi, djeung ka Ugrasena noron.

Tĕras ngadi ka Kunti istri nu bungsu, ari eta Dewi Kunti, ti heula ge geus ditjatur, ibu Bima nu sajakti, Basudewa katjarios.

Putrana teh Baladewa anu sĕpuh, Krĕsna anu kaping kalih, Subadra anu katilu, djadi Baladewa Adji, ka Bima misan sajaktos.

Nadjan hĕnteu sapuk ka lahiran ratu, Baladewa mindĕl galih, ewĕd bilih radja bĕndu, bati sĕdih, sĕsah bade pok njarios.

Saparantos ngadangu saur Sang Wiku, jen maksadna ngarah pati, Baladewa ladjeng njaur, nanging ku sindir malibir, bilih ngarendjag Sang Katong:

„Paman Dorna lĕrĕs pisan eta saur, jen Bima pasti lastari, moal balik hirup-hirup, ku panglĕdjokeun nu kĕtjing, di gunung Dorangga maot.

Ari kuring sanadjan Bima geus „lapur”, wĕleh tatjan tibra pikir, sabab Bima boga dulur. Ardjuna djeung Sĕmiadji, tur lain djalma bolostrong.