Kaca:Dewa Rutji.pdf/28

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
28

Keur lantip teh kawĕntar digdjaja pundjul, upama seug meunang warti, jen Bima ku polah wiku, ditipu diarah pati, moal teu njieun rĕrĕmpon.

Moal salah Ardjuna ngadjorag ngamuk, djaba Ardjuna pribadi, rea baturna nu biluk, naha urang bakal mahi, tjobi manahan sing paos.”

Putjung

Dorna ewuh atuh rada pungak-pinguk, teu bisa ngadjawab, malah katjiri ngadegdeg, keur tadi mah teu kaemut ka dinjana.

Adipati Karna ka pajun pok njaur: „Kakang Baladewa, eta emutan kakang teh, djiga sanes emutan pradjurit gagah.

Ongkoh kakang geus kamashur ratu pamuk, Nalendra Mandura, kongas jen dĕdĕngkot kahot, prangwadana senapati ing ngalaga.

Sasauran naha bĕt sapĕrtos nguntjung, gigis ku Ardjuna, naha Ardjuna teh aneh, mana kakang pohara teuing sieunna.