Kaca:Dewa Rutji.pdf/29

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
29

Bilih kakang ewuh nu ngajonan pupuh, kakang ěntong tandang, sawios ku raji bae, mangga tanggap nakĕr tanaga Ardjuna."

Dorna emprak ngadangu saur sakitu, barina ka tĕngah, Baladewa diwĕwĕleh, sarta mudji wawanen Dipati Karna.

Djajadrata djeung Dursasana pon kitu, katut Aswatama, hajang katembong wawanen, sadajana ngiringan tjotjog ka Karna.

Babakuna hajang kapudji ku ratu, ngarah dipiĕnja, malar bingahna Pupunden, narembongkeun barisna „kumawula”.

Geus biasa djalma nu laleutik putjus, sok hengker djiwana, pamadĕgan luak-leok, hĕnteu panggĕr boga tangtungan sorangan.

Kabisana ngabuntut milu ka batur, nu „tarik haokna”, tah eta anu didenge, salah~bĕnĕr eta mah teu djadi sual.

Tjondongna teh biasana ka nu nandjung, mana nu keur djaja, tah ka dinja bilukna teh, paribasa „karooh ku kuah beukah”.