Kaca:Dewa Rutji.pdf/30

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
30

Mun diparĕng deukeut ka „anu di luhur”, osok loba tingkah, sok reueus hajang katembong, jen manehna djĕlĕma boga kawasa.

Tampolana sok tuluj djadi angguklung, leuwih ti dunungan, ka nu handap noker nodjer, ka nu luhur lutak~letak djulat~djilat.

Kabisana djalma hengker~djiwa kitu, sok teu sabaraha, malah sakapeung mah kosong, djiga soteh ngeusi da kandĕl tjangkangna.

Tjara eta siga nu bela ka ratu, ngarudjukan Dorna, ukur mihapekeun maneh, ĕnjana mah sieun rungkad kalungguhan.

Sujudana ngadangu anu tjatjatur, mangmeunangkeun Karna, hĕnteu kintĕn bingahna teh, reugreug manah asa seueur anu bela.

Baladewa ka Pandita rada sĕru: „Ieuh paman Dorna, ulah waka ngawĕwĕleh, djeung teu kudu waka udjub mudji Karna.

Abong-abong biwir teh hĕnteu diwĕngku, letah teu tulangan, ngomong sadaekna bae, teu dipikir djiga naon malindĕsna.