Kaca:Dewa Rutji.pdf/31

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
31

Tjoba itung sabaraha kali unggul, ti putra Pandawa, nu ĕnja mah tukang eleh, paribasa kalah ka omong teh ĕnja.

Djaba kitu paman Rĕsi mangka emut, jen harkat pandita, lamun make linjok bohong, tangtu surud harkat kaluhunganana.

Komo ieu ditambahan djail hasud, djahat tur hianat, bĕlang bajah dĕngki goroh, njilakakeun djĕlĕma nu tanpa dosa.

Ari itu puguh pĕrtjaja da guru, djalma hade sangka, jen guru sipatna hade, tapi guru ngaruksak kapĕrtjajaan.

Murid taklid tuhu pĕrtjaja ka guru, lain dihadean, bĕt kalah dibawa serong, diparabkeun ka buta gunung Dorangga.

Ieuh paman sageuj mun paman teu maphum, da apan pandita, jen mungguhing djalma goreng, teu utama mun djail ka pada djalma.

Lampah urang awal ahir teh geus tangtu, aja wawalĕsna, mun goreng dibalĕs goreng, gawe mulja wawalĕsna oge mulja.