Kaca:Dewa Rutji.pdf/32

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
32

Lamun urang di dunja hĕnteu kahukum, tapi di aherat, tina siksa moal lesot, unggal dosa sadia siksaanana.

Djeung upama urang bebas tina hukum, dumeh eukeur djaja, boa anak~intju ĕngke, nu diparĕng kahukum ku dosa urang.

Naha paman teu wĕlas ka anak-intju, anu kagiliran, nampa hukuman Jang Manon, hakekatna sasat dihukum ku paman.

Lamun Bima kudu njorag putut umur, lantaran ku paman, didjailan dibobodo, awal ahir paman nampa wawalĕsna.

Moal boa maot dibobodo batur 1), minangka pamajar, hutang pati ngabobodo, ulah mungpang paman teh kudu narima".

Baladewa sirikna teu nundjuk-nundjuk, ka pandita Dorna, Rĕsi bangĕt lingsĕmna teh, kuram-kireum maksadna malikkeun kĕtjap.

Dasar wiku kamashur tjapetang saur, hĕnteu kapetolan, malikkeun teh gampil bae, malah bari istori ngan teu garihal.


1) Pupusna Dorna kaungĕl dina Barata Juda II. („Mahabarata”).