Kaca:Dewa Rutji.pdf/33

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
33

„Lĕrĕs pisan dawuh Sang Mandura Prabu, diemut saliwat, paman teh tetela goreng, djalma djahat hianat bohong basilat.

Njilakakeun Bima hĕnteu puguh~puguh, nanging tjobi manah, sing lantip kalajan sareh, ulah bari bĕndu sarta awon sangka.

Ari paman nadjan lĕrĕs harkat wiku, kitu ge badega, kumawula ka Sang Katong, raga njawa Sang Radja anu kagungan.

Badega teh kawadjibanana kudu, ngabĕbĕrah manah, ka dunungan njombo-njombo, kumawula tumut kana pangĕrsana.

Sakapalaj dunungan misti diturut, hĕnteu kenging mungpang, kĕdah bae lakon~gawe, dapon hasil kuma bae akalna mah.

Djaba eta urang ka nu djadi ratu, wadjibna bumela, sanadjan bakti njawa ge, pantĕs bae rajat bela ka radjana.

Mangka emut urang teh di mana dumuk, ongkoh di Astina, mangkaning eta Bima teh, sadajana tĕrang jen musuh Astina.

Dewarutji
3