Kaca:Dewa Rutji.pdf/34

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
34

Sadudulur karĕpna mah rek ngarĕbut, ngadjabĕl Astina, naha urang tjitjing bae, bade ngantĕp nagara dilindih Bima?

Na iraha urang rek bela ka ratu, katut ka nagara, lamun lain ajeuna teh, anu mawi paman teh saakal-akal.

Sare'atna gawe kĕtjing laku palsu, nanging hakekatna, bela pati ka Sang Katong, djeung ka rajat kitu deui ka nagara."

Sujudana ngadangu piundjuk wiku, dugi ka ngalĕnggak, tina ku bawaning raos, bangĕt sapuk dumeh nempas Baladewa.

Asmarandana

Dursasana djeung Sakuni, Karna sarĕng Djajadrata, ka Dorna sadaja tjotjog, rĕmpag kana panempasna, ngahualkeun Mandura, nu katempas hĕnteu ewuh, njeh imut ngandung panjĕla.

Mesĕm dibarĕngan sindir, tawis kandĕl kajakinan, hĕnteu lendjong ku ditadjong, hĕnteu laas ku ditempas, malah mah tambah kĕras,