Kaca:Dewa Rutji.pdf/35

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
35

neuteup mĕntjrong ka Sang Wiku, bari sasauran tatag:

„Kasauran Maha Rĕsi, djiga pisan anu ĕnja, tuhu sudjud ka Sang Katong, djiga bela ka nagara, asa nu pangnjaahna, njaah aing hĕnteu batur, padahal ngan wungkul djilat.

Ngarah diasih ku gusti, hajang kapake ngawula, dibelaan linjok serong, ngadĕdĕtkeun anu lian, asal andjeun kamanah, teu paduli batur ripuh, dapon pribadi nu sĕnang.

Eta lain adat rĕsi, teu mantra-mantra pandita, djeung anu magar njaah teh, ka radja katut ka rajat, ari saĕnjana mah, ngan ukur ngagajuh musuh, njieun bibit huru-hara.

Nadjan leungit Bima hidji, da opat deui dulurna, djaba baraja nu sedjen, ti Pantjala ti Wirata, komo ti Meralaja, djaba eta masih mĕrul, nu bakal bela ka Bima.

Mun geus kitu paman Rĕsi, tjing tjobi bade kumaha, batan beres kalah rotjet, ngandar~ngait patjengkadan, pandjang panjerewedan, tur ieu teh anu puguh, pĕrbawa ilat nu djilat.