Kaca:Dewa Rutji.pdf/36

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
36

Kadjurung ku hate kětjing, teu wani patutunggalan, teu untupan tarung idjen, nu ketjing pek diangsonan, ku nu kurang djeudjeuhan, moal teu gudjrud pakutjrut, geura pek ĕngke buktina.

Jaji Kurupati Adji, lĕrĕs oge jaji radja, nanging masih keneh anom, kirang luang djeung pamĕndak, djadi ku margi eta, bongan kakang langkung sĕpuh, meudjeuhna nadjan miwĕdjang.

Tiatjadna hidji narpati, upama daek guguan, kana tjarios nu raos, dapon sĕnang kana manah, eta nu dipĕrtjaja, padahal saur nu „lutju” tara lĕrĕs sadajana.

Dapon raos kana galih, teu rĕmpag ge ngiring rĕmpag, awon ge disĕbat sae, atanapi sawangsuha, lĕrĕs disĕbat lĕpat, asal sĕnang bae ratu, teu digalih mamalana.

Jen piundjukna nu tadi, sasat ngabobodo radja, mipindingan anu jaktos, nu mistina kauninga, ieu mah disimbutan, dumeh sieun ratu bĕndu, djadi tjatjad ka salira.