Kaca:Dewa Rutji.pdf/37

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
37

Tjiri jen taja kawani, kětjing pikeun tanggung djawab, mambrih ngeungeunahna bae, hěnteu wani katěmpuhan, lĕbah nu teu ngeunahna, tah pihatur pantar kitu, sasatna ratjun nagara.

Nagri moal djadi rasmi, nagara teu matak kĕrta, mun rea pihatur bohong, djeung eta anu haturan, ari nu biasa mah, ukur pangarahan wungkul, dipambrih sĕnang dirina.

Biasana bari ngidjir, ngabelaan kapĕntingan, sadirieunana bae, atawa sapara kantja, kadjeun batur teu ngeunah, asal manehna nu untung, atawa tĕtĕp sĕnangna.

Sawangsulna aja deui, djalma poksang tjĕplak pahang, mun awon disĕbat awon, nu lĕpat balaka lĕpat, teu sieun dibĕnduan, njĕkĕl djĕdjĕr anu djudjur, utjap tjotjog djeung buktina.

Tampolana landĕp lantjip, sareukeut utjap~utjapna, nanging bari bruh-breh waleh, njĕmpad nu pantĕs ditjĕmpad, bari ngĕdalkeun hodjah, tah eta djĕlĕma kitu, patjuan dipikangewa.