Kaca:Dewa Rutji.pdf/38

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
38

Biasana mungguh batin, bĕrĕsih taja pangarah, djeung pangna sok balaka teh, dina hatena mah njaah, ka rajat djeung nagara, malah tuhuna ka ratu, sok leuwih batan nu djilat.

Ngan hĕnteu ebreh katjiri, da lain hajang katara, malah djiga nu bĕdĕgong, lamun didenge saliwat, djiga djalma bantahan, maduan ka nu di pajun, djiga mungpang papalingpang.

Padahal bawaning asih, hajang nembongkeun alpukah, ulah rek ditampi awon, karana mungguhing radja, pĕrlu kabina~bina, nampi piundjuk nu lurus, nu lĕrĕs bruk-brak balaka.

Sapĕrtos ayeuna jaji, tina pasal Werkudara, kakang bangĕt hĕnteu tjotjog, malah ari sajaktosna, ngemutkeun tunggal kadang, hate kakang hĕnteu kolu, mun Bima kenging tjilaka.

Buruk-buruk papan djati, djadi tina margi eta, kakang ajeuna pĕrmios, teu bade ngiring barĕmpag, tina hal kaawonan, kuriak ĕngke disĕbut, djalma tega ka baraja."

Sang Baladewa teu lami, mĕdal ti made mandala, nu ditilar sami bĕngong, hareugeueun