Kaca:Dewa Rutji.pdf/39

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
39

sadajana, taja nu sasauran, lir kasima ku nu bĕndu, sarta adjrih ku Sang Radja.

Ku Sujudana kagalih, kasauran ingkang raka, manah radja luak-leok, malah rada rerendjagan, wĕkasan pok ngandika, ngabubarkeun nu ngariung, diladjĕngkeun ge pĕrtjumah.

Pangkur

Sigeug pasamoan bubar, urang kotjap Maha Guru Pramesti, andjeunna teh nudju bĕndu, ka Baju sarĕng Indra, dupi anu ngadjadikeun marga bĕndu, kieu asal-usulna mah, teu pira pĕrkawis alit.

Batara Baju djeung Indra, hidji mangsa barĕmpag hal pĕrkawis, sasauran uplĕk husu, tina bawaning pana, teu ningali jen kasumpingan Sang Guru, disarĕngan Dewi Uma, tonggoj bae baradami.

Malah Baju sarĕng Indra, hĕnteu lungsur tina tĕmpatna linggih, atuh Sang Batara Guru, hĕnteu kintĕn bĕnduna, sarta ladjeng Batara Indra djeung Baju, diragragan ku supata, djadi buta salin djinis.