Kaca:Dewa Rutji.pdf/40

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
40

Sang Indra djadi Rukmuka, Baju oge sami djadi rasĕksi, Rukmakala gĕde djangkung, estuning matak gila, ngaringkiwik tanding barong njĕngklik sihung, gigis sakur anu ningal, para Dewa tingbaletjir.

Indra Baju totobatan, nanging keukeuh kĕrsaning Hyang Pramesti, dua Dewa teh kasiku, tur geus pasti lilana, dua wĕlas taun nandangan bĕbĕndu, ari lubarna supata, upama ĕngke papanggih.

Djeung Pandawa nu kadua, sarta kudu ngalaman pĕrang tanding, enggalna anu ditjatur, Rukmuka~Rukmakala, ti sawarga ka martjapada ditundung, duaan kalunta-lunta, teu puguh anu disungsi.

Andjog ka gunung Dorangga, nja di dinja dua buta teh ngantjik, milang bulan ngitung taun, geus nintjak dua wĕlas, hidji mangsa tarurun ti puntjak gunung, njorang tĕgal Andadawa, anu 1ĕga liwat saking.

Tjelak~tjelak nendjo djalma, djauh keneh atjan pati katjiri, ngan sidik ka dieu madju, bangun tjapeeun pisan, rundag~randĕg