Kaca:Dewa Rutji.pdf/41

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
41

leumpangna djiga geus ripuh, ari eta djalma tea, Bima keur milari tjai.

Ngĕmban timbalan Sang Dorna, katjarios geus tjakĕt ka rasĕksi, Bima kagetna kalangkung, ningali dua buta, sarta ladjĕng taki-taki bilih nubruk, nadjan bangĕt nahnaj palaj, moal bade mundur deui.

Rukmuka bĕngis ngomongna: „Eh manusa maneh teh kumawani, ngalanto ka ieu gunung, naon nu diteangan, saha ngaran djeung di mana lĕmbur matuh, maneh ku kami dihakan, geusan tamba peurih peudjit.”

Bima lali di kapalaj, timbul bĕndu dumugi ka ngagidir, madjĕng njakĕtan ka diu, njaur bari iatna: „Sia buta ngomong suaban takabur, naha aing teh ku sia, disangka jen moal wani?

Silaing teh saha ngaran, kitu deui eta batur silaing, ulah paeh teu pupuguh, teu kanjahoan ngaran.” Pok ngawalon Rukmuka barina madju : „Ngaran aing teh Rukmuka, ari ieu hidji deui.

Ngaranna teh Rukmakala, hajoh maneh djung geuwat balik deui, bisi ku kami ditĕkuk.” Bima