Kaca:Dewa Rutji.pdf/42

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
42

bĕngis walonna : „leuh buta ngaran Bima tjadu mundur, kadjeun aing balik ngaran, batan kudu lumpat djitjir.”

Rukmuka tuluj tatandang, idjigimbrang bangun gĕde kawani, ka Bima teh bangun nguntup, nja kitu Rukmakala, nanging Bima teu mundur satjongo rambut, sajagi bade ngalawan, geus tjaringtjing taki-taki.

Rukmuka djeung Rukmakala, duanana ngarontok bangun kĕsit, Bima njingtjĕt bari numbuk, Rukmuka blak tidjĕngkang, Rukmakala bluk njuuh mani tisusut, barang rek hudang disepak, bluk labuh tigugulitik.

Rukmuka gurindjal hudang, sarta gabrug ngarontok matak gigis, Bima geus katĕkuk punduk, nanging rikat tangginas, ku mastaka ngabadug djeung bari njiku, atuh buta blak nangkarak, ngagĕrung bawaning njĕri.

Gabrug nubruk Rukmakala, bari nangkeup djeung ngegel bahu kiri, barang Bima bade njuduk, ku kuku pantjanaka, bĕt Rukmuka nongtak ngadjeuwang ti pungkur, Bima geubis niban lĕmah, tanaga mah bade sisip.