Kaca:Dewa Rutji.pdf/43

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
43

Ana heug teh ditindihan, ku Rukmuka bari kakaut tarik, nondjokan sarta ngadjenggut, pon kitu Rukmakala, Bima ripuh reh ku duaan dihurup, ladjĕng ngĕmpĕlkeun tanaga, tĕras ngagurindjal malik.

Dua buta teh tipĕtjat, nu saurang mubuj ka djĕro keusik, saurang deui ngudupung, tibeubeut kana tjadas, ladjĕng Bima rikat ngarontok nu njusup, buta didjambak buukna, bari djeung rada dipuntir.

Bima rikat batan kilat, gĕdjos njuduk ku pantjanaka matih, teu luput lĕbah djadjantung, munggah njĕbrot gĕtihna, hĕnteu mindo sakali ge buta rubuh, ngagaur anu sakarat, munggah matak eundeur bumi.

Barang buta nu kadua, sidik nendjo baturna mandi gĕtih, ka Bima teh gabrug nubruk, nu ditubruk tangginas, ngagiwarkeun bari djeung njuduk ku kuku, lĕbah djadjantungna pisan, buta rubuh ngadjumpalik.

Harita keneh ge misan, Rukmakala djeung Rukmuka lastari, bangkena pating kudupung, Bima ngeureunan palaj, sarta ladjĕng tjalik heula