Kaca:Dewa Rutji.pdf/45

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
45

malah nja hidĕp pisan, nu djadi lantaran pulih, ajeuna teh bukti jen hěnteu njalahan.”

Batara Baju ngandika : „He Bima hidĕp anaking, hidĕp mangka sing waspada, ama ajeuna wawarti, hidĕp teh njata sidik, eukeur nandangan ditipu, dipĕrdaja ku Dorna, dititah neangan tjai, tjek Dorna mah ngaranna tjai Pawitra.

Eta tjai saĕnjana, ku hidĕp moal kapanggih, ka tjape-tjape neangan, ajeuna mah mĕnding balik, undjukkeun ka Sang Rĕsi, jen tjai wĕlĕh teu timu, teu kudu diteangan, nadjan ngubĕk kolong langit, mĕnding djongdjon tjalik-tjalik di Amarta.”

Saparantos sasauran, dua Dewa lĕs ngaleungit, marulih ka Suralaja, Bima heran liwat saking, olohok bĕngong tjitjing, lami pisan hĕnteu usik hĕnteu malik, barang emut gĕrĕm-gĕrĕm soantĕnna.

Andjeunna njaur njalira, nawiskeun handeueul galih, rehing hese tjape gaplah, mubadir teu aja hasil, kĕrsana mulih deui, ti gunung Dorangga lungsur, ngabudjĕng ka Astina, angkatna