Kaca:Dewa Rutji.pdf/46

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
46

mani ngagidig, dumeh palaj enggal gok tĕpang djeung Dorna.

Urang sigĕgkeun tjarita, gĕntos deui nu digurit, kotjap Sang Radja Astina, Maha Prabu Kurupati, dina sahidji wantji, linggih di ponggawa mantri, keur barĕmpag pĕrkawis ponggawa mantri, keur barĕmpag pĕrkawis lalakon Bima.

Sarehing parantos lawas, hĕnteu aja bae mulih, taja wartos-wartos atjan, dupi saur Dorna Rĕsi, geus moal lĕpat deui, Bima teh pupus di gunung, disasaak ku buta, tangtos moal mulih deui, hĕnteu kĕdah paos~paos dimanahan.

Nempas Prabu Baladewa, njĕbutkeun jen teu mustahil, Bima mahieun ka buta, di gunung teu manggih pati, kalah buta nu sisip, teu mahi ka putra Pandu, malah teu pamohalan, mun Bima ajeuna sumping, mun seug sumping bade kumaha nja pĕta.

Tatjan tamat Baladewa, sawala ka Dorna Rĕsi, ana torodjol teh Bima, teu nganggo ngibĕran deui, bus lĕbĕt ka sitinggil, nu ningal sami ngarandjug, tina bawaning reuwas, taja