Kaca:Dewa Rutji.pdf/47

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
47

nu ngintĕn saeutik, jen Bima teh mulih teu sakara~kara.

Dorna ngabudjĕng ka Bima, pura-pura bingah galih, njĕmukeun nu sono pisan, Sujudana kitu deui, estuning teu katawis, jen handeueul sakalangkung, dumeh Bima waluja, djeung mun djailna katawis, moal boa Bima ngagĕmpur Kurawa.

Sang Wiku alon saurna: „Haturan bagea sumping, gara-gara pandjang juswa, keur diupat bĕt djol sumping, geus sono liwat saking, djeung bangĕt mĕlang kalangkung, bilih kumaha onam, sieun pinanggih balai, wireh mashur sangĕtna gunung Dorangga.

Nanging buktina ajeuna, bĕt iasa mulih deui, wiludjĕng taja kakirang, paman sukur liwat saking, kumaha pasal tjai, rupina mah djiga luput, teu tiasa katjandak, upami jaktos teu kenging, atuh matak handjakal kabina-bina.”

Werkudara ngawalonan, bari pasĕmonna sĕngit : „Eh paman Pandita Dorna, naha paman djail dĕngki, laku laip tur kĕtjing, ngadon ngalĕdjokeun wungkul, kula meh~mehan tiwas, rek