Kaca:Dewa Rutji.pdf/48

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
48

paeh ngadjadi majit, ku lantaran ngandĕl kana omong paman.

Panjana teh saĕnjana, tjape oge kula indit, neangan tjai Pawitra, horeng tjai tanpa bukti, kalah ka meh balai, saupama paman kitu, njata tega ka kula, paman ulah mangsar-mingsir, kula malĕs ulah sambat kaniaja.

Kula teh rarasaan mah, tjukup mupusti gumati, ka guru hormat tiliwat, ngestokeun lahir djeung batin, tapi mun paman djail, boga hate dĕngki hasud, rek ngarah ti poekna, panghormat kula ge leungit, dibeubeutkeun paman teh ajeuna pisan.”

Kĕrĕwĕk Dorna ditewak, didjungdjung bade dibanting, rikat luntjat Baladewa, kitu deui Kurupati, hawatos ka Sang Rĕsi, muntangan ka nu keur, bĕndu, malar leler napsuna, dilĕlĕmu saur manis, dielingan supados teu tĕtĕrasan.

Rada lĕlĕr oge Bima, hĕnteu ngagugudug teuing, dipĕpĕr ku Sujudana, djeung Baladewa Narpati, barina diwĕwĕling, jen mungguh murid ka guru, teu kenging tinggal hormat, utjap rengkak kĕdah pilih, dipantrangkeun nganiaja djeung nanganan.