Kaca:Dewa Rutji.pdf/49

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
49

Geus dilesotkeun Sang Dorna, ngadegdeg lir murangkalih, asa kabur pangatjian sadjongdjongan teu ngalahir, nanging bubuhan rĕsi, bantĕr tapa gĕntur elmu, djeung tjukup pangabaran, reuwasna teh hĕnteu lami, mung sakĕdap geus tĕgĕr deui manahna.

Ladjĕng ngalahir ka Bima : „Edas ku rarusuh teuing, bĕndu teh estu diumbar, ulah sok leungit pamilih, kaduhungna di ahir, apĕs nu ngalawan guru, sok tuluj leungit djaja, djeung matak djauh rĕdjĕki, saumurna ngan asor bae gawena.

Djaba eta kadongdora, wani teh ka aki-aki, nu hengker taja tanaga, teu bisa ngalawan deui, ropoh ripuh tur sisip, djeung dosana tatjan puguh, lĕrĕsna naros heula, naon anu djadi margi, anu mawi tjai tea teu kapĕndak.”

Putjung

Barang Bima ngadangu saur Sang Wiku, bĕnduna lĕs musna, malah ajeuna karaos, jen ngadolos hĕnteu sarĕng kira-kira.

Pok andjeunna undjukan ka Maha Wiku, njuhunkeun pĕrtobat, djalaran bangĕt rumaos, jen andjeunna boga pĕta kalĕpasan.

Dewarutji
4