Kaca:Dewa Rutji.pdf/50

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
50

Nanging pĕta kitu teh sanes ka guru, margi ka guru mah, tĕtĕp ngahormat teu pĕtot, bĕndu soteh kana djail djeung dĕngkina.

Kabĕnĕran eta si Dĕngki si Hasud, parĕng dumunungna, di salira Dorna kolot, bongan atuh bĕt kĕrsa dianggo njajang.

Nadjan djasad ukur darma djadi kurung, tapi katĕmpuhan, bongan pake ngantjik Goreng, lamun Goreng dibasmi djasad nu lara.

Lamun hajang djamuga badan sakudjur, bebas ti hukuman, eusina ge kudu hade, djeung sing kuat nendjo batur meunang bagdja.

Ulah hasud lamun nendjo batur nandjung, deungeun meunang bagdja, urang pantĕs milu atoh, lain tuluj suudon ngarah ngarinah.

Seueur-seueur Bima saurna ka guru, djiga kasar sugal, padahal maksadna sae, Dorna ngĕluk da hatena mah rumasa.

Sarta ladjeng Pandita Dorna teh njaur : „Mugi teu kapalang, milari tjai aheng teh, kĕdah tĕras sing dumugi ka kapĕndak.